CLICK HERE FOR THOUSANDS OF FREE BLOGGER TEMPLATES »
Tampilkan postingan dengan label sisindiran. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label sisindiran. Tampilkan semua postingan

Kamis, Juni 05, 2008

Baud Jeung Balacu

Meuli baud jeng balacu

Ciamis ka Banjarsari

Keur baeud ge asa lucu

Beuki manis lamun seuri

Ka Gianjar Pulo Bali

Hanjakal teu Kaalaman

Pedah anyar meuli ali

Ngajak wae sasalaman.

(created by CUCU X-7)

Baud Jeung Balacu

Meuli baud jeng balacu

Ciamis ka Banjarsari

Keur baeud ge asa lucu

Beuki manis lamun seuri

Ka Gianjar Pulo Bali

Hanjakal teu Kaalaman

Pedah anyar meuli ali

Ngajak wae sasalaman.

(created by CUCU X-7)

Eneng

Munding Mang Ujang anakan

Anak munding ngaranna énéng

Enéng mani gaya pisan

Angkat kamana atuh énéng?

Manuk hiber di awang – awang

Sarangéngé ayana beurang

Aya naon atuh akang?

Mani siga hoyong terang!

Aya hayam dina saung

Sabab aya manuk heulang

Sanes hoyong ulu biung

Tapi haté ngarasa melang

Niat badé mésér jolang

Numpak kana mobil keri

Akang ulah ngaras melang

Enéng bisa ngajaga diri

Angkat ka pasar Cikonéng

Niat meuli baju konéng

Lain akang ngatur enéng

Tapi akang nyaah ka enéng

Di pasar loba batur

Balanjana loba pisan

Lain enéng embung diatur

Tapi akang kaleuleuwihan

Dina sarang loba tikukur

Di paraban ku manisan

Punten pisan akang geus ngatur

Sabab akang nyaah pisan

Indit ka kota Padang

Naék kapal alus pisan

Abdi ngarti haté akang

Yén akang téh nyaah pisan

Create by Siti X-6